
1. Salsena hate mun seug rengse tina ngalakonan ibadah;
2. Hate asa teu tenang da can ngalakonan ibadah padahal tos mangsana;
3. Hate sok ngagogoreng diri / nyalahkeun saba'da ngalakonan ibadah
da aya ancegan asa bisa leuwih ti kitu;
4. Mun seug tinggaleun / poho ngalakonan ibadah teh asa jauh ti Alloh;
Tah eta sadaya nu ditataan di luhur teh JIGA ALUS padahal GORENG.
Disebutna TUNGGUL AMAL.
- Boga sangkaan yen asa amal alus meunang sorangan
- Boga sangkaan yen asa manehna bisa ngalakukeun salian ti anu tos ditakdirkeun ku Alloh
Padahal mah :
1. Bisana amal teh ku Alloh
2. Asalna eta amal teh tina murah asihna Gusti Alloh ka dirina. Alloh Nu Maha Awal. Mustahil Kapandeurian.
3. Alus Gorengna amal kumaha Alloh
4. Bisa sakitu ge alus keneh da sakitu ge dikersakeun ku Alloh
5. Urang mah teu bisa nanaon
6. Barina ge asa jauh ? Na dimana kitu Alloh make bisa jauh ?